Minggu, 21 September 2008

GUNUNG GUNTUR KADURUK CICIREN REK GANTI USUM



GUNUNG GUNTUR

Kacatur dina babasan sepuh kapungkur, katara dina rindat para jawara malah aya catetan nunyutat tina sababaraha sumber anu bisa dipercaya. mun yen Gunung Guntur geus tepung waktu nincak mangsana kahuruan maka jadi ciciren anu pasti, tanggara anu hamo misleuk sakeudeung deui baris ganti musim datang mangsana ngijih hujan ngecrek, najan saacanna mentrang mentreng panas poe lantaran halodo panjang geus biasa cenah etamah.
cikeneh malah asa can lila Gunung Guntur anu mashur dataran gersang anu katara jauh tianggangan nyeples siga runggunuk gunung anu taya pisan tatangkalan hejo ngeplok malah katingal samar-samar bet jiga lautan runtah anu lantaran sakabeh tatangkalan renghek tutung urut kaduruk jugut gambrung perang kacida semu beureum mun katara pas sariak layung matak waas anu ningal matak aheng anu nitenan kana kaayaan eta gunung...guntur geus kaduruk, tatangkalan oge renghek batu taringgul ngagunduk bangun nu angkuh tayadeui sasatoan anu katara lantaran panas kacida, sumber cai boro boro katara ayana malah nubiasa aya oge kiwarimah saat kacida tinggal sirtu alias pasir batu...iraha hujanna bakal turun wallohu alam ngan cenah moal lila deui da geus kahuruan gunungna...

Selasa, 02 September 2008

WILUJEUNG SUMPING SASIH SIAM


MARHABAN YA RAMADHAN

Nirilikna wanci, indit gunta ganti teukarasa bulan sirna, minggu datang paganti minggu, poe hade unggal waktu nangtu lumaku lengit senen datang salasa, rebo kemis jeung jumaah, saptu minggu cindek tujuh poe jejeg panceg nandakeun waktu terus lumaku mangsa teras lumampah ngengklakan jaman keursakumna manusa nu kumelendang di ieu alam pawayangan.
meletek panon poe gaganti sariak layung anu mangkukna hibar dibelah kulon, fajar tandang tiwetan nyerelek jajap sarangenge tanding mumunggang gunungrek balik deui ngajemput sariak layung..
Mangsa datangna bulan geus pasti pasini jangji maol ingkar subaya kersana Alloh sang hyang dumampara... Bulan suci bulan keur mersihkeun diri manusa, kiwari geus aya diantara hirup hurip jalma rea anu aya dijagat raya...
Sataun nganti lilana, cunduk kana waktu ningga kana mangsa Romadhon datang tumiba nyinghareup anteub sangkan manusa galumbira...
Wilujeung ngamalkeun amalan sampurna salami sasih Romadhon anu pinuh ku berkah oge hidayah !!