Rabu, 19 November 2008

NITENAN KAWASANA PANGERAN



ngagelikna sora suling, jentreng kacapi aweuahan halimpu sorana samar-samar tijauhna lir angin ngahiliwir, bawa kolebat kilat ngajorelat atra mawa beja keur sakumna rahayat nu aya disakuliah jagat.
Ya Alloh robbul ijjati, gusti numaha suci pangeran nu murbeng alam, hampura abdi hampura taya daya teu upaya mun manteuna tos ngadawuh taya anu tiasa ngabantah hamo tiasa ingkah balilahan tina takdir gusti, qudrat nu maha sagalana...
Ya Alloh Pangeran abdi sembaheun abdi sadaya mung kagusti abdi sumujud sareung mung kagusti wungkul abdi taat oge patuh...*jeembe*

Senin, 06 Oktober 2008

WILUJEUNG IDUL FITRI 1429 H


Allohu Akbar..Allohu Akbar Walillahilhamdu...

Kalayan nyebat jenengan Alloh anu Maha Welas tur nu Maha Asih, ageung kakawasaan manteuna moal aya anu tiasa nandingan, rek sumanding raga rek tandang sumanding diri estuning sanghyang dumampara Alloh Azjawajalla, sakumna makhluk nu kumelendang di ieu alam mung ukur nampi titipan hirup keur kahirupan duniawi sarta babakti keur nyuprih ridho Ilahi.
Taya daya tur Upaya lianti kagungan manteuna Alloh nu murbeng Alam, Gusti nu Maha suci, Pangeran nu Ngusik jeung malikeun sakumna makhluk nu aya, tikawit nungaririncik leutik dugika nungajunggiring tanding katara atrar narawangan jangkung tanding gunung, lega makprak sagara.

Takbir tur tahmid, nyarengan mangsa datangna fitrah manusa, nubalik kana kurungan ibarat mangsa gubrak kaalam dunya, ceurik ngagear buligir taya panghalang estuning kitu ayana, idul fitri keur sakumna umat muslimin jadi ciri oge tanggara masih dipiasih dipikanyaah ku Inyana Alloh Swt. :"WILUJEUNG BOBORAN SIYAM 1429 H" HAPUNTEUN ANU KASUHUN PANGAMPURA ANU KATEDA...JEMBAR MANAH SADAYANA TIKADANG WARGI SADAYA..

Minggu, 21 September 2008

GUNUNG GUNTUR KADURUK CICIREN REK GANTI USUM



GUNUNG GUNTUR

Kacatur dina babasan sepuh kapungkur, katara dina rindat para jawara malah aya catetan nunyutat tina sababaraha sumber anu bisa dipercaya. mun yen Gunung Guntur geus tepung waktu nincak mangsana kahuruan maka jadi ciciren anu pasti, tanggara anu hamo misleuk sakeudeung deui baris ganti musim datang mangsana ngijih hujan ngecrek, najan saacanna mentrang mentreng panas poe lantaran halodo panjang geus biasa cenah etamah.
cikeneh malah asa can lila Gunung Guntur anu mashur dataran gersang anu katara jauh tianggangan nyeples siga runggunuk gunung anu taya pisan tatangkalan hejo ngeplok malah katingal samar-samar bet jiga lautan runtah anu lantaran sakabeh tatangkalan renghek tutung urut kaduruk jugut gambrung perang kacida semu beureum mun katara pas sariak layung matak waas anu ningal matak aheng anu nitenan kana kaayaan eta gunung...guntur geus kaduruk, tatangkalan oge renghek batu taringgul ngagunduk bangun nu angkuh tayadeui sasatoan anu katara lantaran panas kacida, sumber cai boro boro katara ayana malah nubiasa aya oge kiwarimah saat kacida tinggal sirtu alias pasir batu...iraha hujanna bakal turun wallohu alam ngan cenah moal lila deui da geus kahuruan gunungna...

Selasa, 02 September 2008

WILUJEUNG SUMPING SASIH SIAM


MARHABAN YA RAMADHAN

Nirilikna wanci, indit gunta ganti teukarasa bulan sirna, minggu datang paganti minggu, poe hade unggal waktu nangtu lumaku lengit senen datang salasa, rebo kemis jeung jumaah, saptu minggu cindek tujuh poe jejeg panceg nandakeun waktu terus lumaku mangsa teras lumampah ngengklakan jaman keursakumna manusa nu kumelendang di ieu alam pawayangan.
meletek panon poe gaganti sariak layung anu mangkukna hibar dibelah kulon, fajar tandang tiwetan nyerelek jajap sarangenge tanding mumunggang gunungrek balik deui ngajemput sariak layung..
Mangsa datangna bulan geus pasti pasini jangji maol ingkar subaya kersana Alloh sang hyang dumampara... Bulan suci bulan keur mersihkeun diri manusa, kiwari geus aya diantara hirup hurip jalma rea anu aya dijagat raya...
Sataun nganti lilana, cunduk kana waktu ningga kana mangsa Romadhon datang tumiba nyinghareup anteub sangkan manusa galumbira...
Wilujeung ngamalkeun amalan sampurna salami sasih Romadhon anu pinuh ku berkah oge hidayah !!