Jumat, 29 Agustus 2008

RAWAYAN WARISAN KISUNDA

SASAK RAWAYAN
Sasak rawayan, sasak bubuhun ki sunda nu aya diunggal lolongkrang oge ditiap-tiap lembur matuh banjar karang pamidangan tempat nganjrek jeung cicingna sakumna jalma anu aya ditatar pasundan malah disakumna belahan dunya ngan nungabedakeun namah sebutan jeung istilahna wungkul.
Nyasak dina sasak rawayan karasa ngenahna saupama leumpang keupat dina wayah sore ngagayuh ka sareupna, biasana dipirig kusora jangkrik, diengklakan cangkurileung jeung tongeret raeng ngengkreng.
Saupama geus rek adeuk kapilemburan sora adzan ageum ngagema aweuah sorana matak nyeredet kana hate, sumeblak kana sukma keur sakumna jalma anu iman jeung taqwa ka Alloh SWT. *funy*

Tidak ada komentar: