Jumat, 29 Agustus 2008

GNUNG HARUMAN GARUT

Endahna Punclut haruman

Mun paring ngaliwat kabeulah wetaneun leles jeung leuwigoong, keur urang Garut geus moal bireuk deuni saupamana pareung nyaksian runggunukna puncak gunung Haruman anu asup kawewengkon kecamatan Cibiuk.
Endahna gunung Haruman, katara lantaran natrat katara komo lamun usum halodo kaayaan cangra panon poe numoncorong tibeulah wetan bangun anu ngahan akeun hayang nembongkeun kaendahan eta gunung anu aya sakuloneun nana.
Gunung Haruman kaasup gunung anu ngajengleng endah misah tina deretan tigunung anu liana, matak katara jelas pisan saupama urang geus aya diwewengkon cibiuk atawa leuwigoong.
Mun pareng kadang wargi sadaya ngaliwat dataran eta maka bakal eces natrat kacida ningal pamandangan nu estuning sampurna endah taya cedana.
Jung bisi pirajeunan rek ngajugjug tinggal tandang naek angkutan kota mun ti Garut rea kendaraan nu bisa mawa nepi kaanjog kahandapeun eta gunung. Ngan wayahna lamu hayang anjog nepika suku gunung kudu naek deui ojeg anu jarakna kurang leuwih lima kilo meter tipuser dayeuh kecamatan cibiuk.@bah

Tidak ada komentar: